Kumpulan Carita Sunda Lucu Bodor Matak Seuri

Kumpulan Carita Sunda Lucu Bodor Matak Seuri - Bodor Sunda jaman kiwari

3 pamuda naraek taksi, 3 pamuda nu keur marabok nyetop taksi. Ceuk Sopir Taksi na jero hatena: "ieu jelema gawena ngan marabok wae, digawean siah ku aing".
Sanggeus eta 3 pamuda naraek taksi, supir ngahurungkeun mesin sakeudeung trus dipareuman deui.
Supir : "Parantos dugi den, mangga tarurun"
Pamuda ka-1 turun bari mayar, nu ka-2 sasalaman bari ngomong nuhun.
Ari pamuda ka-3 pas turun kalah nyabok, bari ngambek: Engke deui mun mawa taksi tong ngebut2 kitu lah bahaya! kalem we nyupirna!=D X_X.
Supir taksi: Dasar jelema garering..:/ :D =)) =D


Angkot Jeung Ojeg
Di hiji jalan aya angkot jeung ojeg silih siap.
Duanana katinggali pada-pada napsu hayang nyusul.
Nepi ka hiji pengkolan duanana eureun sakaligus.
Supir angkot kaluar tina mobilna, bari langsung sosorongot ka tukang ojeg,
"Kunaon sia ngudag-ngudag aing?"
"Ari sia, kunaon ngudag-ngudag aing oge?", jawab tukang ojeg.
"Aing mah diudag pulisi", ceuk supir angkot.
"Aing oge," jawab tukang ojeg.



Mie panyabab ka Naraka
HATI-HATI.......
8 jenis MIE nu t'meunang dikonsumsi sbb bisa ngakibatkn ka naraka, nyaeta:
1.mie dua ALLOH.
2.mie mie susu lain muhrimna.
3.mie luan aliran sesat.
4.mie kiran teuing dunia.
5.mie harep asup surga ku amalan goreng.
6.mie lampah pagawean setan.,
7.mie ceun runtah kana beungeut mitoha.
8. Mie kul pamajikan batur..:D


Copet Cicaheum
Hiji mangsa si sueb indit ka Cicaheum Bandung naek bis. Maklum,na bis sok padedet ku muatan ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.

Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,kabeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,

Sueb : "Sok sia rek maling naon?"

Copet: "Heunteu mang,"

Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing."

Copet: "..?@/???Ehm..."

Ditilang Bapa Polisi
Waktu eta teh si "Bedul" ngangge motor bade ka kota pas di parapatan aya sora nu niup piriwit. Teu disangka nu niup piriwit teh ya eta polisi, si Bedul teuinang mokaha maneh na komplit make helem ieuh. Langsung be maneh na eren. Terus yampeurkeun eta polisi nu ngaeureun keun manehna
Bedul: "Ku naon pa abi di eureun keun??"
Polisi: "Arek mariksa"
Bedul: "Mariksa naon ?? Da abi mah teu nyandak NARKOBA...........
Polisi: "lain eta maksud saya mah"
Bedul: "Atuh naon ? Lain eta mah make di pariksa sagala"
Polisi: "Ari SIM na mana ??"
Bedul: "Oh eta mah bi can gaduh pa!"
Kacaritakeun s Bedul di tilang be ku polisi. Hiji mansa s bedul mawa motor deuio ngaliwat parapatan deui. Si Bedul teu reuwaseun da mokaha maneh na ayeuna mah bogaeun SIM, Langsung maneh na eureun
Bedul: "Aya naon deui pa ??? SIM aya .... motor komplit Naon deui pa?"
Polisi: "maneh teu pakai helem... Kapaksa ku saya maneh di tilang..."
Poe isuk na Si Bedul leumpang alias jalan jalan sorangan. Pas kabeuneuran papanggih jeung polisi nu sok. Biasa nilang maneh na.Celetuk sibedul nanya ka eta polisi
Bedul: "Pa? Ku naon abi teu dipariksa ku bapa? SIM aya helem di angge"
Polisi: "Maneh na teu mawa motorrrrrrrrrrrra???"
Bedul: "Ohhh euya ya... geuning aing bolohoy!"
Si Bedul ngaleos eraeun bari maneh na neunggeulan sirah sorangan...

Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"

Dina Rangka Pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB, terus pamer ka Adun.
Ibro (sobat Adun) : "Dun, tempo yeuh urang meuli ieu." (bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: "Jang Naon Bro ?"
Ibro : "Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya, ku urang dijawab 'Papa baru pulang sekolah di ITB'" (kata Iqbal dengan penuh Wibawa & Kebanggan).
Adun: "Lamun anak maneh nanya 'pah ITB teh apa ?'"
Ibro : "Institut Teknologi Bandung."
Adun: "Lamun anak manek nanya 'Kalo Institut Apa ?'
Ibro : "Institut......nya institut....!. Ari ceuk maneh naon..?" (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun: "Piraku poho? pan aya laguna..."
Ibro : "Kumahaaaa...?" ( panasaran)
Adun: "Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu ngambeu."
Ibro : "Gelo sia mah, kakolot teh." (bari indit)
Adun: "Bae ahh..." 

Diudag Pulisi
Keur anteng ngagebér motorna, Odoy ngareret kana spion ari breh teh ditukangeun aya saurang pulisi keur ngudag manehna. Najan haben dikalaksonan, Odoy jongjong ngagas motorna, teu malire da ceuk pamikirna teu rumasa ngalanggar. Dasar motor nu ditumpakan Odoy kaluaran taun heubeul, diuber ku motor king taun panganyarna, atuh ngan sasiet oge kaberik. Kapaksa Odoy eureun, dina hatena gogolono, pasti cenah urusan jeung pulisi mah ujung ujungna duit. Mangkaning dina dompetna ngan ukur dua puluh dua puluhna, eta ge meunang nyanyapa tina handapeun kasur basa samemeh indit.
"Aya naon pa, make nguber ka abdi ?" tanya Odoy bari mukakeun helem.
"Ari ujang teh tatangga bapa anu dilembur tea sanes ?" ceuk pulisi negeskeun
"Sanes, abdi mah teu gaduh tatanggi anu janten pulisi Pa !"
"Punten atuh ari sanes mah, eta we apal ka helemna, geuning sami jeung tatangga bapa, tadina mah bade wiat saur ka indung budak dilembur, yen bapa moal kalembur salami tilu dinten, aya dines !"
"Oh kitu nya !" ceuk Odoy nahan piseurieun.
Keur guntreng kitu kalalaran aya motor ngaliwat nu numpakna make helem persis pisan jeung nu dipake ku Odoy.
"Boa boa itu tatangga bapa mah, punten nya jang tos ngarerepot !" ceuk eta pulisi ngabius ngudag motor nu karek ngaliwat, bari haben kalaksona ditabeuh sapapanjang jalan.
"Salamet..salamet !" Odoy nyenghel bari ngusapan dompetna. 

     

Related

Humor Daerah 6163223154689956305

Posting Komentar Default Comments

emo-but-icon

Follow Us

DP BBM GIF kumpulan DP BBM terbaru, DP bergerak, BBM Animasi gambar foto DP BB lucu, kocak ori bukan copas.


Ucapan Idul Adha 2018

Terbaru

Singkat lucu

Humor Singkat selalu menyajikan humor-humor pendek, singkat dalam bentuk cerita lucu, gambar kocak, animasi dan video singkat.
Kepinginnya sih agar saat membaca dan menontonnya enggak bikin ribet dan cepat menikmatinya serta bisa tertawa, ngakak secara lepas tanpa beban.
Jika ada masukan dan saran silahkan sampaikan dikolom kontak, via Facebook atau Twitter.
Semoga sobat semua dapat terhibur dan bisa tertawa lepas minimal mesem-mesem dengan konten yang ada di blog kami.
Salam Humor....

Total Tayangan Halaman



item